Langsung ke konten utama

Pidato Seren Sumeren

Saat ujian praktek Bahasa Sunda SMP, saya berpidato Seren Sumeren atau serah terima pengantin (mungkin kalo di Indonesia-in) :D
Dibawah ini pidato yang saya pilih :)


Assalamu’alaikum Wr. Wb.

Bissmillah nu jadi sekar pangiring catur nu jadi tuturus laku muru sampuraning rahayu, banjaran jatining bagja. Alhamdulillah minangka panyinglar riya anu pasolengkrah dina manah, panundung ujub sareng takabur nu ngawujud dina kalbu, pangusir gumaki nu ngadaki dina ati. Nu tinggal iwal ti beresihna ati geusan nampa jorelatna Alloh, sareng safa’atna Rosululloh SAW. mangrupikeun salah sawios do’a nu nandakeun kadeudeuh anu maneuh ka gusti jungjunan alam kakasih Robbil ‘alamin. Mantena pisan anu janten tuturus laku kanggo umatna, kalebet urang sadaya geusan sumujud ka dzat Allah aja wajala.
Palawargi jaler istri anu mulya utamina ka pangersa saebul bet di dieu, sim kuring atas nami kulawargi bapa H. Eman rawuh rombongan, disarengan ku muji syukur ka Gusti nu Maha Agung, ngahaturkeun rebu-rebu nuhun laksa keti kabinghan kapalawargi didieu wirehna sim kuring parantos gasik ditampi enggal-enggal ditarima, dipapag di hiap-hiap ku basa anu endah someah, diawur ku kembang tanjung paselang kembang kananga, malati nu jadi saksi, tawis kaweningan galih pribumi nampi rombongan nu sumping. Estu matak tingtrim kana ati, matak betah kana manah anu nyemah. Mugia pangbagea anu dadasarna ku ikhlas kabingah nembe, tiasa jadi tatali asih panyimpay rasa anu bakal nyangreud mageuhkeun silaturahim antawis kulawargi ti Ciamis  Sareng kulawargi ti Sukabumi, bari ginuluran sareng rido Allah Swt. Amiin.
Ka kulawargi bapa Udjo Sakalih, Insya Allah sim kuring seja balaka.
Saperkawis sim kuring sarombongan seja nyanggakeun bari nyangreud pageuhkeun silaturahim ka parawargi sadaya di dieu, margi nya ieu pisan nu jadi bibit buit, cikal bakal sim kuring sarawuh rombongan dongkap ka ieu tempat, teu aya sanes seja jajap pun Adi Anu wastana Reno kadeudeuh bapa H. Eman Sakalih, anu numutkeun selenting bawaning angin parantos lami pakait ati pacantel hate sareng neng Nita Putri ka asih bapa Udjo Miwah ibu.
Wartosna heubeul silih pikatineung, lawas silih pikamelang, bungbuna karujuk sepuh, samara jiad ti sobat sadaya, cindekna mah batu turun kesik naek alias itu purun ieu daek. Malihan parantos aya kasaluyuan ti sadayana reh dina dinten ieu kaping 17 Maret Insya Allah sejana bade diakadan.

Kumargi kitu, mugi kasaksi ku sadaya, danget ieu sim kuring atas namina kulawargi bapa H. Eman seja nyanggakeun pipanganteneun ka pangersa bapa Udjo sakulawargi, saur tukang pantun te mah ti luhur sausap rambut ti handap sausap dampal rambutna salambar getihna satetes napasna sadami estu mo ngagaduh-gaduh deui mugia ditampi lajeng ditikahkeun ka neng Nita.

Panuhun sim kuring sakulawargi sabada pun anak resmi janten kulawargi di Sukabumi mugi sing sering ngageuing, ulah bosen ngawurukan ulah suda mapatahan nungtun sinareng nuduhkeun kana jalan pamaslahatan sareng pibagjaeun dunya rawuh aheratna.

Hadirin nu kusimkuring di pihormat
Sateuacan di pungkas, sim kuring mahanan ku du’a mugia ieu pasangan anu bade diakadan teh sing janten kulawargi anu sejahtera, bahagia pi dunya wal akhirat. Kulawagi mawadah wa rahmah.
Sakitu wae, bilih aya saur nu teu ka ukur, anu teu luyu jeung aturan hokum, atanapi aya basa anu kirang merenah, teu pati ka reka mirayaan tina adat kabiasaan, hapunten anu ka suhun.
Billahit Taufik Wal Hidayah
Wassalamu’laikum Wr. Wb
 
Nah itu pidato saya, dari beberapa sumber sih :D
Tinggal ganti kata yang digaris bawahi sesuai kebutuhan :) Semoga bermanfaat.

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Menangis Dapat Menyelesaikan Masalah

            Masalah menjadi hal yang sering terjadi dalam hidup kita. Sebagai manusia menyelesaikan masalah adalah hal yang wajib untuk dapat meneruskan hidup. Dengan masalah yang begitu beragam, kita sering sekali tidak tahan dalam menghadapinya. Bahkan terkadang kita meneteskan air mata ketika masalah itu membuat diri kita tidak berdaya. Beberapa orang beranggapan menangis adalah tindakan bodoh, dan berkata bahwa menangis tidak dapat menyelesaikan masalah. Faktanya sekitar 89% orang merasa lebih baik sesaat setelah menangis. Beberapa ahli mengatakan air mata yang dihasilkan karena emosi mengandung 24% protein albumin yang berguna meregulasi sistem metabolisme tubuh, dan dapat meningkatkan mood seseorang. Terlalu banyak kadar mangan juga dapat meningkatkan kecemasan, kegelisahan, lekas marah, kelelahan, dan perasaan negatif lainnya. Menangis menurunkan kadar mangan tersebut, dan membuat seseorang lebih merasa tenang. Menangi...

Kuliah Kerja N..gapain aja sih?

KKN bersama 10 orang satu jurusan yang sama tetapi beda pergaulan ini memang tak perlu lagi adanya pdkt, hanya butuh sedikit penyesuaian dengan lingkungan. Yang dikhawatirkan adalah mood ini yang tidak bisa selalu diajak kompromi selama 40 hari dengan orang-orang yang selama ini mungkin tidak terlalu mengenali kemoodyan dan besarnya kegengsian ini. 9 orang berangkat tepat setelah pelepasan di kampus, berbeda denganku yang harus terlebih dahulu membantu pelaksanaan pertandingan bulutangkis dikampus. Baru mulai sudah menghabiskan jatah izin 4 hari, tak ada senang atau sedih yang pasti tak ada pilihan lain. Menepati janji teman untuk membantu pelaksanaan hajat besar ukmnya itu menjadi rasa tidak enak terhadap teman-teman KKN yang bukan orang baru. Menyusul ke posko dengan 5000 rupiah tiket kereta lokal menuju stasiun padalarang menjadi pengalaman baru lagi. Seru. Datang dengan keadaan hati yang cukup baik walaupun sebelumnya mendapatkan kejadian yang luar biasa mengagetkan. Disambut bai...

Narative "The Legend of Malin Kundang"

  Pasti udah biasa kalo disekolah bahasa inggris belajar tentang narative, waktu SMP saya pernah disuruh untuk mencari sebuah narative. Narative dibawah ini yang berjudul 'The Legend of Malin Kundang' menjadi pilihan saya. The Legend of Malin Kundang             A long time ago, in a small village near the beach in West Sumatra, a women and her son lived. They were Malin Kundang and her mother. Her mother was a single parent because Malin Kundang’s father had passed away when he was a baby. Malin Kundang had to live hard with his mother. Malin Kundang was a healthy, diligent, and strong boy. He usually went to sea to catch fish. After getting fish he would bring it to his mother, or sold the caught fish in the town. One day, when Malin Kundang was sailing, he saw a merchant’s ship which was being raided by a small band of pirates. He helped the merchant. With his brave and power, Malin Kundang defeated the pirates...